Friday, December 9, 2011

lembur kuring

ASAL-USUL
Babakan Jawa Maja Kaler teh geus arang kasebut-kasabit. Boa-boa barudak ayeuna mah geus teu nyaho-nyahoeun acan yen lembur padumukanana teh baheulana sok disebut Babakan Jawa, lain Blok Jumaah. Kungsi bareto mah dipake ngaran klub sepak bola, ditulisna teh, mun teu salah, da babasainggrisan, “Babacan Union Sport.” Enya, maksudna teh Persatuan Olah Raga Babakan. Niru-niru PBB (United Nation), tapi tibalik. Nu bener mah kuduna teh Babacan Sport Union (Association), kitu. Keun lah, da ngaranna ge barudak baheula. Ngeunaheunana teh Babakan Jawa disingget Baja, nya! Jadi, babakan Jawa Maja Kaler (Uing mah embung nyebut Maja Utara teh, da urang Sunda, di Jawa oge!) mun disingget jadi Baja Jaka. Disingget deui jadi Jajaka. Hehehe…

Disebut Babakan Jawa teh dumeh nu ngababak-babak nyieun pilemburan di dinya teh “urang Jawa.” Urang Jawa nu dimaksud teh urang “Palimanan.” Harita teh urang Maja sok ka Palimanan, ka Pasar Pagi, marawa embe. Dijual di dinya. Ari urang Palimanan, naranjak ka Maja, marawa lauk asin jeung garabah buatan Jamblang. Dijarualan di “papasaran,” enya ngarariung di tempat nu iuh, handapeun tangkal caringin (mun aya). Nya tangkal naon wae lah nu iuh. Nya eta nu ayeuna jadi pasar tea.
Lila-lila, nu biasana ukur jol koloyong,  ku cape bulak-balik mawa barang, nyarieun sasaungan jang nyimpen barang. Di dinya oge maranehna mareuting. Ku sabab beuki lila beuki loba barang nu disimpen jeung dijual, nya tuluy nyarieun iimahan, meuli tanah ka warga satempat. Beuki lila beuki ngaburudul duduluranana ka Maja. Nya tungtungna mah nyarieun imah di dinya. Tempat masar teh jadi pasar. Hiji-hijina pasar di Maja, harita, sakacamatan Maja. Deukeut pasar, kidul kulon,  jadi pilemburan, nu dibabak-babak ku “urang Jawa” tea. Katelah waeh jadi Babakan Jawa. Taun 1970-an (?) Kuwu harita boga prakarsa nyieun deui pasar di beulah kidul, sakaligus jadi stanplat alias terminal jang urang pakidulan (Argalingga, Sadasari jsb) pikeun masok sayuran.
CIKAL-BAKAL BABAKAN JAWA
Saha nu ngamimitian ngababak-babak Babakan Jawa teh? Ceuk kolot, namina teh Bapa Kawiya jeung Embok Sarka.  Kuburanana ayana teh pas pisan di pepengkolan saacan pupudunan ka Cikedung, wetaneun jalan satapak ka pakuburan beulah kidul. Makamna teh ukur ditandaan ku batu.
Tah, Bapa Odin, cik puguhkeun nu mana makam teh enyana. Tuluy tandaan atuh. Ih teu kudu dicungkupan, ngan ditetengeran wae. Dicungkupan ge teu nanaon, ketah, nya, da urang Babakan Jawa mah islamna karuat, moal dijadikeun kabuyutan nu dipentaan sagala rupa.
KOKOLOT BABAKAN JAWA
Saha wae nu kasebut kokolot urang Babakan Jawa teh? Ke urang talungtik, ambeh nu ngarora teu poekeun pareumeun obor. Enya, ari Bapa Kawiya jeung Embok Sarka teh nurukeun saha, pan can kapanggih. [Cag, lah, ieu tunda heula]
BANI HAJI MANSUR
Tah urang Maja (bisa jadi asalna ti Gunung Wangi) nu keur anomna sok ngagigiring embe ka Palimanan teh salah sahijina jajaka nu namina Mansur (tos sepuhna katelah Haji Mansur–duka ieu teh nami asli, atanapi lalandihan saparantos naek haji; tangtu can haji harita mah). Ngadaplak ka Palimanan teh, dan arang mobil, bisa oge kasebut can aya. Nya ngaliwatna teh pasti ka Cicalung, Padahanten, Sukahaji, Rajagaluh, Kramat, Kepuh, Palimanan. Di desa Kepuh, Palimanan, Bapa Mansur jajaka ngora teh sok eureun ngamandian embe di walungan. Di Kepuh patepung weh jeung istri geulis, namina Rafiah, nu terus dipijodo. Duka tepungna teh kumaha, sugan nu hiji ngamandian embe, nu hiji nyeuseuhan baju, palirik-lirik. Pada demene, Cung, ya dadi bae laki-rabi.
Bapa Mansur teh sasaderek sareng Bapa Madori nu linggihna di Gunung Wangi. Nu matak aya kamungkinan aslina teh ti Gunung Wangi, bari biasa masarkeun embe di “papasaran”  Maja, bari sok meulian embe ti urang Maja jeung sejenna anu terus dibawa ka Palimanan. Sugih tina embe teh, nu matak bisa naek haji ge. Tah terus, meureun (ke urang talungtik deui) ku sabab sok bulak-balik ti Gunung Wangi ka Maja, nya tinimbang cape bulak-balik ka Gunung Wangi, nya teras ngagaleuh tanah nu pasti masih rada loba tatangkalan keneh di Maja, terus ngiring ngababak-babak di Babakan Jawa tea. Bumina teh eta di “parapatan  sasak kebuk” aya jalan leutik ka kulonkeun (disebut Jalan Singadipraja, anu ka pasantren Kiyai Hadad ayeuna). Jalan eta teh baheulana paranti nu daragang suluh, umumna ti Nunuk (nunuk teh hartina waringin).  Sasak “kebuk” teh tina basa Walanda “brug”, kalisankeun buk, terus jadi kebuk, nyaeta sasak beton jalan raya Maja ka Paniis-Cicalung (Paniis teh, na peta Walanda, baheulana ngaranna “Cileungsing” kitu? Da teu aya Paniis, aya ge Cileungsing, terus Cicalung, ti Maja teh) .
Tah, tadina, keur jaman Belanda keneh, jalan utama ti Maja (da Maja teh pernah jadi ibu kota Kabupaten Maja) ka mamana teh nya jalan wetan, Sukamulya, Cicalung, Padahanten, Sukahaji, Rajagaluh, Palimanan, Cirebon. Nyambungna ti Sukahaji ka Majalengka oge jalan gede. Lain nu ngaliwatan Banjaran, Sindangkerta, Kertbasuki, Kawunggirang, Cigasong.
Balik deui ka Bapa mkansur.
Putra kahiji Bapa Mansur teh namina Junaedi, sok dilengkepkeun jadi Junaedi  Mansur. Bapa Junaedi teh  dedengkot PUI, nu ngiring ngadegkeun UII (Universitas islam Indonesia) Jogja wawakil ti PUI (sareng Haji Abdul Halim). Linggihna di Majalengka, pengkereun masjid. Puputra di antarana Jaja Mujahidin, pamaen Persima (Majalengka), teras pamaen utama Persib, teras janten wasit nasional, teras Komisi Wasit PSSI dugi ka maotna. Nu sanesna Syamsudin, Syaiful Islam (Dinas P & K Majalengka), Emah Suhaemah, Enday Sadariyah, Edah Suhaedah, Eni Suhaeni, Ibing Sobirin (ieu mah jagoan badminton), Ida, Enok, Neneng, Nenah.
Nu kadua, istri, Sa’diah namina teh. Kawitna nikah ka Bapa Syafi’i, masih saderek keneh, ti Palimanan. Bapa Syafi’i teh masih sasaderek sareng Kiyai Haji Syamsuri nu nyepeng pesantren Tebuireng, Jombang, Jawa Timur. Masih saderek keneh deuih ka Bapa Kodir nu linggihna di Sadasari.
Saatos pipirakan sareng Bapa Syafi’i,  ditikah ku Abu Mansur bin Abdul Ghani nu asalna ti Paree, Kediri. Tepangna teh di Paree, Kediri. Da eta saatosna pipirakan teh sok diajak ku rayina  Siti Aisyah nu nikah ka Bapa Yazid urang Paree, nyarengan di ditu. Nya teras waeh patepang sareng jajaka nu namina Abu Mansur tea, teras nikah di Maja, bumen-bumen di Maja.
Bapa Abu Mansur teh ustad tokoh Syarikat Islam. Nya nu ngadegkeun PSII di Maja. Bumina ge pan caket sareng “Madrasah Diniyah Syarikat Islam,” hareupeun bale desa Maja Kaler rada nyerong. Baheula pisan, kiduleun madrasah ieu tah Markas Koramil jeung poliklinik. Hareupna toko ibu-ramana Bapa Fuad, nu kantos janten Kuwu Maja. Ieu madrasah pernah oge diinjeum jadi Sekolah Rakyat (SD mun ayeuna mah) Maja III. Tadina SR teh aya hiji, sisi wetan alun-alun. Tuluy mekar jadi dua, SR II mah di Blok Ahad, ngagunakeun bangunan panjang gede. Duka hilap deui wangunan naon tadina. Tuluy pindah ka tukangeun SR I nyanghareup ka kaler, aya bangunan anyar. SR II dibagi deui jadi SR II jeung III. Tah SR III teh nempatan Madrasah Syarikat Islam tea. Kapala sakolana teh Bapa Ali Sumarno, urang “Babakan Jawa,” putra Bapa Padil (sanes Kuwu Padil).
Balik deui ka Bapa Mansur.
Ku margi Ibu Sa’diah maot, nya turun ranjang ka nu namina Tiah (rangda pipirakan ieu ge). Ti Ibu Sa’diyah puputra Tuti Muti’ah, BA (sok biasa katelah Yayu–Yayuk–tina basa Jawa Kedirian Mbakyu) nu kantos janten “kapten” Cakrabirawa pengawal Presiden Sukarno. Nu kadua Mu’minah Habibah (Beboh) sareng nu kaopat Maemunah Halimah (Imun) linggihna di Paree, Kediri, da ngengingkeun urang dinya. Nu kadua, Muhamad Amin, ieu mah maot nuju alit, tilelep di bendungan Ciawi. Kalima Muhtadi, BSc. (Otong).
Ti IbuTiah puputra Dra. Elih Muslihah, Apt. (apoteker), sareng Drg. Entet Neni Munijah (dokter gigi), lalinggihna di Karawang. Otong Muhtadi mah ngengingkeun saderek (adi beuteung) putrana Muh. Bahrun nu namina Iyet Suprihatin.
Balik deui ka Bapa Mansur.
Putra Bapa Mansur nu katilu, namina Akna. “Kaum” ieu mah, da pagawe KUA. Sok biasa nikahkeun, bari ngimaman tahlilan. Bumina caket Pasantren Kiyai Haji Masduki (Kiyai Hadad ayeuna).
Nu kaopat namina Siti Aisyah. Duka nami alitna saha, teu kungsi tataros, da sok disebat Emil (katelahna Cemil).  Tah Siti Aisyah teh kawitna ditikah ku urang Paree oge, Bapa Yazid, masih saderekna Abu Mansur, mung teras pipirakan masih “gadis” keneh. Teras ditikah ku Hasan Malwi, putra kadua Bapa Marjuki. Hasan Malwi teh ngawitan nikah ka urang Majalengka, namina Sa’adah, teras saentos pipirakan nya nikah ka Siti Aisyah tea. Ke diteraskeun cariosanana.
Putra Haji Mansur nu kalima nyaeta Roji, sok katelah Bapa Oji. Ieu kantos kagungan putra, mung maot keur alit keneh.  Saparantos dikantun ku istrina, nikah deui ka Ibu Jumi, aslina ti Cidomas, Cihaur. Teu puputra.
Putra nu kagenep namina Unah (Maemunah). Tah ieu ngengingkeun urang Kepuh, Bapa Kasim (Hasim), panday beusi. Balik ka bibit buit itu teh meunangkeun deui “urang Jawa.”
Nu katujuh namina ‘Atiah, nu nenehna Tiah. Ibu Tiah teh kawitanana nikah ka  Bapa Miftah urang Babakan Jawa kaler, kuloneun pasar, kagungan putra namina Iton Fatoni nu ayeuna linggihna di Kadipaten. Saentos Ibu Tiah pipirakan, nya nikah ka Abu Mansur tea, puputra Elih Muslihah sareng Entet Neni Munijah.
Nu kadalapan namina Daelimi, nenehna Imi.  Kawitna nikah ka Bapa Kemas, puputra Nana sareng Muflih. Saparantos pipirakan, nikah ka Bapa Hapid. Bumina di kampung Jebor (jebor teh tempat nyieun kenteng, da di dinya seuseur nu ngadamelan kenteng), Blok Senen, Maja.
Nu kasalapan namina Juwariyah, nikah ka Sarkawi, urang Palimanan. Ieu ge balik ka bibit-buit. Puputra di antawisna Ade, Lili, sareng Enok. Nuju ngalahirkeun Enok teh Ibu Juwariyah maot, nya teras Enok teh “dikukut” Ku Ibu Tiah (utamina ku Tuti Muti’ah), hijina dikukut ku Siti Aisyah, mung maot orok keneh. Tah Bapa Sarkawi teh saentos ditinggal maot ku Ibu Juwariyah nikah ka alona nu namina Nana, putra Ibu Imi.
Nu bungsu (kasapuluh) namina Muhammad Bahrum, nenehna Aum. Kantos janten pamong desa Maja, janten Kapala (Kepala Keamananan). Tah ieu nikah ka Turiyah (Ibu Entu) putrana Muh. Suhenda (kuwu Enda), puputra Yayah Kusiah (Dra., MPd.), ayeuna janten dosen di AKK Yogya, Yoyon Suryono (Prof. Dr.) dosen UNY Yogya, Engkus Kusliah, Abidarin (Iin, SE, Dr., dosen AMIKOM Yogya) sareng Iyet Suprihatin (ieu nu nikah ka Otong Muhtadi). Dra. Yayah Kusiah, MPd. nikah ka “kapi lanceukna”  Zaenal Abidin (Enjen) bin Hasan Malwi bin Marjuki (SH, SU, MPA) dosen UII Yogyakarta.
Keluarga Besar “Jawa”
Bapak Mansur teh, ti pihak isteri, di Palimanan kagungan saderek di antawisna Bapa Haji Abdul Halim (sok disebat Kiyai Kalim), naib Palimanan, Bapa Abdullah di Warugede,  Ibu Semiol di Pasarminggu, Jakarta, Bapa Harun di Kepuh. Bapa Halim mah teu puputra. Salah sahiji putrana Ibu Semiol teh Bapa Ihsan (Iksan) nu janten padamel Dinas Pertamanan DKI. Salah sahiji putrana Bapa Abdullah (Dulah) teh Damira, mantri kesehatan. Putrana Bapa Harun di antawisna Bapa Ismail di Majalengka.
BANI MARJUKI
Bapa Marzuki teh duka asal-usulna ti mana, nikah ka Ibu Amini, oge duka aslina ti mana. Bumina teh pengkereun musola (tajug) Babakan Jawa, mayun ka kaler, papengker-pengker (adu tonggong) sareng Bapa Mansur.
Putra nu pangageungna namina Jariyah (Iyah) nu nikah ka Nurasa (Asa). Ka nyawah, ngabalong, sareng ngingu embe ieu mah hobina teh. Bari hobi deuih ngingu manuk puter alias dederuk. Kuk, deruk…kuk, deruk. Bumina persis kiduleun tajug Babakan Jawa pangwetanna.
Tadina wetaneun bumina teh (lolongkrang bumi sareng Bapa Kayat–jagal embe ieu mah) aya “jalan satapak” (pipir imah), ka kidulkeun ka jalan leutik nu diaranan Jalan Sastradipraja tea. Tanah pengkereunana (tilas bumi Bapa Utam), nu janten kagungan Bapa Emak bin Husna digaleuh ku Bapa Muqimudin (Bapa Mukim–saleresna ku putrana) nu ayana wetaneun eta tanah. Teras tanah teh digabung ka bumina, ditembok.
Tah, janten weh eta jalan satapak teh kapendet. Nya jalan poko teh jadina ukur lewat sesela balong sareng bumi Kuwu Padil (ayeuna nu Mantri Ali bin Madsoleh), kuloneunana, balong (teras janten bumi Icih binti Munawi) sareng bumi Bapa Munawi wetaneunana (ayeuna bumi Ires binti Munawi). Ka kalerna  nyulusup wetaneun bumina Bapa Subari (ayeuna nu Pepi), kuloneun bumi Ipah Kasyifah istrina Hasyim bin Husna (nu tutukeuran sareng Rodiah binti Husna).
Balik ka Ibu Jariyah.
Ibu Iyah sareng Bapa Asa teh puputra Endun, Muh. Abas (guru SD), Omah (nikah ka tentara nu teras janten bintara pembina desa, teras janten Kuwu di Bekasi), Enju (padamel Kabupaten), Encum (Umi Kulsum, guru SD), Endah (guru SD). Tah bumi Ibu Iyah Bapa Asa teh ayeuna dilinggihan ku kulawargi Endah.
Putra kadua Bapa Marjuki namina Hasan Malwi, ustad (guru agama) nu kantos ngalalana dugi ka Kandanghaur, Indramayu, ngawulang di madrasah PUI, da lulusan madrasah Darul Ulum PUI Majalengka. Teras ngiring ujian persamaan Sekolah Guru B (PSGB) satingkat handapeun SGA (SPG). Lulus ujian, teras diangkat janten guru SD. Kantos ngawulang di Kertabasuki, Tegalsari, sareng Paniis. Dedengkot PUI Maja ieu mah. Sok dugi ka mamana ari ngayakeun pangaosan teh. Waktos jaman Belanda sareng Jepang teh kantos pakuasi (evakuasi) dugi ka Argalingga.
Bapa Hasan Malwi teh ngawitan nikah ka Ibu Sa’adah, urang Majalengka, nya kagungan putra istri nu dinamian Kasyifah (Ipah). Ipah teh nikah ka Hasyim bin Husna. Saatos sareng Ibu Sa’adah teh pipirakan, nya teras nikah ka “rangda kembang” nu namina Siti Aisyah, putrana Bapa Mansur.
Ti Ibu Aisyah teh puputra Asimatulmillah (Momoh), lahirna ge di Kandanghaur dan nuju janten ustad tea. Momoh teh nikah ka Syamsudin bin Abdul Hamid (Kamid), ustad. Putrana nu kadua Aliyatuddarojah (Yoyoh) nu nikah sareng Sopidin bin Dahlan (BA, guru SD). Nu katilu namina Hidayaturrohman (Enday, BA), padamel (kantos janten Kapala) KUA ieu mah (ngapalaan di Jatitujuh, Dawuan, sareng Maja). Enday teh nikah ka Yuyum Yuminarsih binti Muhamad Nurjali ti Cicalung. Nu kaopat Zaenal Abidin (Enjen, SH, SU, MPA), dosen UII Yogya, nu nikah sareng Dra. Yayah Kusiyah, MPd. binti Muh. Bahrun bin Mansur, dosen AKK Yogya tea. Nu kalima, ieu yeuh nu nulis ieu, Drs. Tatang Muhammad Amirin, MSI (di Maja mah sok disebat Aam), dosen UNY, nikah sareng Mahmudah Rohmah, BA, urang Klaten (incuna Kiyai Sayid Habib, rada aya getih Araban, matak ge). Nu bungsu Leli Akmaliah, janten bidan di Ujung Jaya nu nikah ka Drs. Tata Sukmara dosen Akademi Perawat Sumedang. Bapa Hasan Malwi teh bumi aslina persis pengkereun tajug Babakan Jawa nu ayeuna dilinggihan ku Enday Hidayat.
Balik ka Bapa Marjuki.
Putra Bapa Marjuki nu katilu namina Bapa Suhaemi (Emi) nu kantos janten jurutulis desa Maja (memeh dibagi dua). Nikah nu kawitan puputra istri, namina Iyom (?)  nu nikah ka ustad Misbah (Emis). Nikah kadua ka urang Banjaran, puputra Abdullah Daud (Uud) nu nikah ka Maya urang Maja kidul. Nikah nu katilu ka Sa’diyah, puputra Otong, Ade, sareng saha deui, nya, ke lah dilacak. Bapa Emi teh kawitna bumina kuloneun Bapa Hasan Malwi, teras ngalih ka sisi jalan kalereun tajug, palih wetan.
Putra nu kaopat namina Arba’iyah (‘Iah) nu nikah ka Bapa Emod. Bapa Emod mah dagang di pasar Maja, bari sok nguriling ngider ka sakuliah wilayah Maja. Puputra Juju (nikah ka Halil ti Gunung Wangi), Odin Jamaludin, Ipah, Munah, Enah, Pioh. Ibu ‘Iah mah bumina persis kiduleun tajug, parerendeng sareng Ibu Iyah, kuloneunana, dempet sareng bumi asli Bapa Marjuki.
Putra nu kalima Entin. Ieu mah di lamping bumina teh. Teu acan kalacak, ngawitananan nikah sareng saha. Nikah deui teh ka Bapa Idi, masih kapi lanceuk. Jadi, kuring teh ari ka Ibu Entin mah nyebutna teh Bibi, tapi ari ka Bapa Idi mah Uwa. Pabaliut, nya. Bapa Idi teh padamelena tukang patri. Ahli kana memeres pakakas dapur nu didamel tina alumunium, seng, sareng tambaga.
Anu kagenep Bapa Pandi, jago kana motor ieu mah. Pinter ngutak-ngatik motor sok sanajan urang Maja baheula ge. Da harita can loba nu baroga motor teh. Bapa Pandi teh nikah ka Ibu Tini, puputra Iceu di Salamanggu, Iman di Sukabumi, Abdullah (angkatan laut di Surabaya), Aziz (Adjid) sareng Jaja (nu neraskeun ngabengkel).
Putra nu sanesna namina Romlah (Elom), nikah ka Madsoleh (Muhammad Saleh) ti Cikedung. Puputra Edi (maot keur anom keneh), Engkus, Tatang (maot tabrakan keur anom keneh), Alimudin (Drs., mantri kesehatan, kapala RSU Majalengka), sareng Ratna.
Nu bungsu namina Cece Romli, mantri kasehatan ieu ge, bari rada ngiyai. Nikah ka Amnah, puputra Dadang (padamel kajaksaan) sareng . . .  (ke dilacak heula, ah). Ibu Amnah teh, keur SD (SR harita mah), pangsaena waosna, jadi “Ratu Gigi” Kacamatan Maja, lah.
Bani Hasan Malwi
Tah, ti Bani Marzuki teh aya kulawarga (bani) Hasan Malwi. Urang teruskeun atuh dongeng sarasilahna.
Ti istri nu ngawitan, Ibu Sa’adah urang Majalengka, Bapa Hasan Malwi teh kagungan putra istri namina Kasyifah (Ipah). Kasyifah teh nikah ka Hasyim bin Husna. Bapa Husna teh puputra Sudian (ustad), Maksum (Emak), Hasyim, Rodiah, Satibi, Konah, Konaah, sareng Drs. Suri (kiyai lulusan IAIAN ieu mah). Bapa Husna teh “kiyaina” tajug Babakan Jawa.  Kasyifah sareng Hasyim puputra Mamnu’ah (Nu’ah), Dudung Abdurahman, Iing Arifin, Yayah Inayah, Jaja, Mumun, sareng Yeyet.
Ti isteri kadua, Siti Aisyah, puputra Momoh Asimatulmillah, Yoyoh Aliyatuddarojah, Enday Hidayaturrohman, Enjen Zaenal Abidin, Tatang Muhammad Amirin (Aam), Leli Akmaliah (Akmaliyatulllailiyah).
Momoh Asimatulmillah nikah sareng Syamsudin bin Abdul Hamid (Kamid). Bapa Hamid teh sasanesna Syamsudin puputra Engkun (Tasik), Rohani, Arifin (Iping), sareng Ansor (ustad, “kiyai” blok kaler). Momoh Asimatulmillah sareng Syamsudin puputra Hani, Dede, Nunung, Asep. Hani teh nikah ka Otong, putrana Rodiah binti Husna. Tah malaluter nya!
Yoyoh Aliyatuddarojah nikah ka Sopidin bin Dahlan. Bapa (haji) Dahlan teh sasanesna Sopidin (cikal), puputra Aziz, Uyun, Isoh, Dana (Jatibarang), Entis, sareng Itoh. Aziz mah nikah ka Emem, noko di pojok parapatan pasar Maja Kaler. Uyun mah nikah ka Aziz, tentara, tapi terus kaluar ti dinas, noko. Isoh mah (guru agama) nikah ka Edi (guru olah raga), rakana (ipar) Kuwu Maja Kaler ayeuna. Entis mah nikah ka Aon, noko di payuneun tajug babakan Jawa. Itoh mah nikah ka Anis, rayina Fuad.
Yoyoh sareng Sopidin puputra Moh. Ali Sofwan, SE (Pemda Purwakarta), Ir. Ade Syarif Arifin (Pemda Cirebon/Majalengka), Rohili (Lili–guru SD, Maja), Asep Syaiful Fajar, SE (Kantor Pajak, Jambi), Drs. Jojo Jalaludin (Perangkat Desa Maja Kaler), Pepi (guru), sareng Otong Yusuf Muslim, SE.
Enday Hidayaturrohman, B.A. nu nikah ka Yuyum binti Muhammad Nurjali (kiyai/ustad Cicalung) puputra Nida Ridaul Hasanah, SE (Unma), Dede Sri Handayani, SH (guru, Maja), Ujang Himawan Sutanto, SH (Jakarta), Yopi, Indra, sareng Neneng Tanti (bidan di Sumedang).
Enjen Zaenal Abidin, SH, SU, MPA (gelar MPA-na ti Los Angeles, Amerika Serikat)  nu nikah ka Dra. Yayah Kusiyah, MPd. puputra Irma Nurmilati, SE (nikah ka Dvid, SE, muka bengkel di Panyingkiran), Dede Irwan Raharja, SE (Bandung), Ir. Iis Haris Iskandar (Jakarta), Irawati Kusumadewi, SE (Indramayu, nembe lebaran 2010 tilar dunya).
Drs. Tatang M. Amirin, MSI (kungsi “short course” di Institute of Education University of London) nu nikah ka Mahmudah Rohmah, BA puputra Nafiri Firmanilahi Paramasiwi (Firi), SP (nikah ka Ir. Dita Trisnawan, MSUDArch–dosen UI Jakarta), Caraka Pangayuga Suryandana (Yuga), sareng Kaniarani Mutiara Sasitami (Tia).
Leli Akmaliah nu nikah ka Drs. Tata Sukmara puputra Sisca Aprilia, Lina Sukmawati, sareng Kiki.
BANI ABDURAHMAN
(Ke urang jujut)
PASAR MAJA
Pasar Maja (Kaler) teh baheula hiji-hijina pasar di Kacamatan Maja. Poe pasarana teh Salasa jeung Jumaah. Dina poe Salasa jeung Jumaah mah nu daragang  teh ti mana-mana ngarumpul. Ari sapopoe mah ukur urang Majana wae. Nu matak rada sepi. Jam sapuluh geus bubaran. Ari Salasa jeung Jumaah mah sok tepi ka lohor. Senen jeung Kemis pasaran Majalengka, jadi sabagian urang Maja ge sok malasar di Majalengka. Ari Minggu mah bagian Talaga. Saptu, mun teu salah, di Rajagaluh.
Pasar Maja Kaler teh ayana wetaneun jalan raya Maja-Majalengka (kidul-kaler), di pojok pisan parapatan jalan nu ka wetanna ka Blok Saptu nu nyambung ka jalan raya Maja-Cicalung, ka kulonna jalan Maja-Cikedung-Pasanggrahan. Kiduleunana pisan, jalan ka Blok Saptu, harita mah ukur jalan dibalay batu. Sasak luhureun Cirungkut ge masih keneh ku awi gede golondongan, kenca katuhueunana make penyekelan, oge tina awi. Leutik ongkoh. Ari ngaliwat teh rada emplad-empladan. Kadieunakeun karek dibangun weweg, cor beusi, jadi bisa diliwatan ku mobil.
Pasar Maja (Kaler) bareto, lain baheula pisan, teh mangrupa elos-elos, ngujur ngetan ngulon, ngabaris aya sababaraha baris. Elos-elos ieu teh dibangun jangkung tina dasar taneuh. Jadi mun hujan teh teu becek ieu elos mah. Hateupna tina seng, ditahan ku cagak siku-ciku beusi. Weweg, lah.
Ari dasar taneuh, rada handap, sahandapeun jalan aspal, da rada miring tanahna, malum deukeut ka walungan Cirungkut (urang Maja sok nyarebutna teh Cirumput). Sanajan rada handap, tapi geus diratakeun. Jadi henteu miring. Beulah kaler mah taneuh pasar teh rata jeung jalan. Jadi, nu rada “legok” teh ukur di beulah kidul.
Baheula mah pasar teh beulah kulonna can make elos, masih molongpong katenjo elos-elos teh bararis. Barisna elos teh nurutkeun jalan raya, jadi rada nyengkong mun ti jalan kiduleunanan mah. Wetaneun elos ngabaris wawarungan (jongko) saung awi.  Mimiti ti panto asup aya sababraha warung (kios saung), tuluy rada miring ngenca nurutkeun elos seng, ngajajara ka kalerkeun, tepi ka tungutung elos. Wetaneunana aya deui wawarungan (jongko) sabaris, ieu mah ayana luhureun gawir. Handapeun gawir lahan rata, adek ka sisi walungan, tapi tetap masihluhureun biwir cai. Tah di sisi walungan eta teh baheula dipake nu daragang embe. Jadi deukeut pisan ka sasak. Ti sasak teh sok tuturubun embe jeung jelema nu rek ngajual atawa nu meulina.
Warung (kios) saung nu pas deukeut gawir walungan teh umumna diparake ku nu daragang emameun. Jadi tukang bajigur di dinya, tukang empal gentong di dinya. Ari warung kios saung nu deukeut ka elos seng mah nu daragang bangsa kokolontong jeung bungbu dapur. Ari elos seng, lolobana dipake nu daragang lawon jeung sandang liana (kaos, sapatu, sandal).
Beulah kalereun elos seng, aya deui jongko wawarungan, dua baris, ngujur ngetan ngulon. Kalereunana lapangan kosong. Sok disebut oge istal, dan baheula keur jaman Belanda dipake istal (kandang) kuda. Tah bangsa treuk jeung mobil mah sok di beulah dieu areureuna teh. Biasana nu sok eureun di dinya teh treuk nu mawa bawang jeung sayuran. Barudak leutik sok biasa mulungan bawang nu marurag keur diangkat-jungjung tina treuk.
Handapeun lapangan, jadi dina tanah nu legok, kudu turun ari ka dinya teh,  loba kotak babalongan. Nya di dinya nu disebut pasar lauk teh. Jadi, nu daragang lauk mah di dinya daragangna. Pas pojok pisan lapangan beulah kaler nu adek ka legok pasar lauk, aya tangkal asem gede pisan. Kuloneun pasar lauk, kuloneun jalan, aya deui lapangan, oge disebut istal. Ayeuna mah tos diaradegan bumi.
Sisj jalan raya, kuloneun elos, sapopoe mah nya kitu nu dadasar sagala bruk. Ari poe pasaran mah ting pucunghul tenda-tenda nu daragang sagala macem, utamana bangsa pakean. Nu daragangna umumna “pendatang,” lain urang Maja.
Di kaler, di lapangan (istal), mun pasaran teh sok aya tukang obat nu kitu wae ngawadul mromosikeun obatna nu “cespleng” bisa ngubaran sagala panyakit. Harita mah nu rada sohor teh ” Si Kancil” da bari sok maen silat sagala. Aya oge nu bari susulapan, bisa mareuman lampu cempor bari matana ditutup. Jang barudak leutik mah pikaresepeun.
Ari di sisi-sisi jalan, kitu deui wae pinuh ti kaler tepi ka kidul ka alun-alun teh ku nu daragang. Ari sakiduleun pasar mah geus puguh, metet ku nu daragang make raranjangan leutik. Aya oge nu ukur ngampar make samak.
Beulah pengkolan jalan deukeut sasak “kebuk”, tah rada antik ieu mah, ngajajar tukang patri. Jiga geus aya “lahan sewang-sewangan.” Tah di dinya, di lahan tukang patri teh aya Bapa Idi, carogena Ibu Entin binti Marjuki. Aya bapa Kodir carogena Ibu Ilah, tukang sorabi kalereun sasak kebuk, wetaneun jalan raya.
Cag, hanca, tuluykeuneun.

 dari blog pa tatang

No comments:

Post a Comment